CANGEHGAR

     Kali ini saya ingin nulis dalam bahasa daerah saya, bahasa sunda. Jadi yang tidak mengerti jangan takut jangan kapok untuk berkunjung hehe. Dina tulisan ayeuna simkuring bade nulis carita bobodoran ala CANGEHGAR, upami teu lepat ieu teh salah sahiji acara ti Radio Rama FM Bandung, punten upami lepat, sok urang kawitan.

Adul   :   ”pak…pak… si..ucup maot pak…handapeun tangkal”
Udin   :   ”inalilahi,..kunaon dul si ucup nepika maot…?”
Adul   :   ”tadi teh adul,rina jng ucup ulin ucing sumput…rina jng adul nyumputna
              handapeun meja, si ucup mah nyumput na handapeun tangkal…”
Udin   :   ”na nyumput handapeun tangkal bisa maot,sing jelas…?’
Adul   :   ”nya rek teu maot kmh pak da nyumput na ge handapeun tangkal eceng
              gondok di balong wa haji ayeuna ge ngambang keneh can aya nu ngangkat…”
Udin   :   ”allahhu akbar…..(gubrak langsung kapiuhan)
Guru   :   adul kahareup, nyanyikeun lagu nu kamari di ajarkeun
Adul   :   (maju kahareup,bari nyanyikeun lagu ku sora leutik da teu apal tea)cicak2 di dinding
Guru   :   gedean!
Adul   :   Toke2 di dinding
Guru   :   gedean(keuheul)
Adul   :   buaya2 didinding
Guru   :   (buukna mulai rancung) lain hewanna nu digedean,tapi sora maneh sadul
Adul   :   adul adzan weh nya pa meh gede sorana
Guru   :   sok welah kumaha maneh
Adul   :   allahu akbar2x
Guru   :   (lieureun) na aya ku..gede sadul
Adul   :   pa allah mah maha besar pa,teu aya nu langkung ageung ti allah
Guru   :   enya bener,allah maha besar tapi nilai maneh leutik
Adul   :   ageungan ath pa
Guru   :   TEU BISA,NILAI MANEH LEUTIK!!(ngajorowok)
Adul   :   sanes sora bapa nu di ageungan,tapi nilai abdi
Guru   :   Saduuuuuulllll(kapaehan)

 Guru   :   adul saha nu ngabangun monumen bandung laitan api....?
Adul   :   sumpah sanes abdi bu...
Guru   :   nu bener adul!!!
Adul   :   eh ai ibu saur abdi ge sanes abdi bu sumpah
Guru   :   euh budak teh, isukan panggil orangtua k sakola
Adul   :   muhun bu
*isukna*
Guru   :   pa kumaha ieu teh adul meuni kirang pisan kanu diajarna
Udin   :   emang kunaon kitu?
Guru  :   maenya ku abdi ditaros saha nu ngabangun monumen bandung lautan api kadon ngajawab,                      "sumpah sanes abdi bu!"< kitu cenah
Udin   :   eh ari ibu, da emang sanes adul bu, meureun rerencanganna atanapi ibu nyalira panginten....
Guru   :   euh ieu mah sarua bodona (bari ngadagor2 sirah sorangan kanu meja)

 Dihareupeun imah Mbah Dukun :
Adul              :    “Mbah tulungan abi, loket abi leungit! beja ti batur mah , mbah bisa neangan barang2                                     anu leungit
Mbah Dukun :    ”Enya jang,,, leres pisan eta teh!, Tapi isukan we jang kadieu deui!”
Adul              :    “Isukan kumaha ari mbah, pan abi jauh dijugjug ngahaja kadieu, maenya kalah isukan                             Ayeuna we mbah,,,, dina loket bener2 aya anu penting!!! (si Adul ngahelas!)
Mbah Dukun :    “Yeuh Jang,,,,!!! Mbah moal bisa manggihan loket maneh, soalna konci kamar praktek                                 mbah Leungit ti Kamari!”
Adul              :    ”Beuuuhhh,,,, dasar siah dukun gadungan ! (Amuk2an)

 Adul keur kukulintingan di hareupeun imahna, siga aya nu di dagoan, teu kungsi lila datang tukang cendol, terus adul nyampeurkeun : 
Adul                 :   “mang,sabarahaan eta cendol teh sagelasna?”
Tukang cendol  :   “1500 jang!”
Adul                 :   “pami sakeclak sabaraha mang?
Tukang cendol  :   “oh pami sakeclak mah gratis atuh jang”
Adul                 :   "hmm, pami kitu mah abdi nyungkeun atuh sakeclak2 neupikeun ka pinuh gelasna”
Tukang cendol  :   ngeunah we (bari molotot)

Wa haji   :   dul pang mawakeun sendal jug ditukangeun imah, menta weh jug ka si rina
Adul       :   oh muhun wa(nyampeurkeun rina)
Adul       :   neng saur wa haji, neng keudah nyium akang
Rina       :   alim akh
Adul       :   wa tinggali kadon alim wa(ngajorowok)
Wa haji   :   bikeun rina (ngajorowok)
Rina        :   enya atuh (nyium pipi katuhu adul)
Adul       :   sabelah deui atuh neng
Rina        :   alim ah
Adul       :   wa, tinggali nu sabelah deui teu dipasihkeun (ngajorowok)
Wa haji   :   bere rina (ngajorowok)
Rina        :   yeuh atuh (nyium deui pipi kenca)
Wa haji   :   dul gancang kdieu (ngajorowok)
Adul       :   muhun wa (nyamperkeun)
Wa haji   :   ari sendalna mana?
Adul       :   ah ,ku wa haji weh nyalira
Wa haji   :   harr, ari tadi nu teu dibikeun teh naon? (gagaro sirah ku stum)


Sumber : www.facebook.com/CANGEHGAR

Komentar

Postingan Populer